Nalika ngabagi karya anjeun di Wikimedia Commons maké lisénsi bébas, Anjeun ngawidian sing saha waé pikeun migunakeun, nyalin, ngarobah, sarta ngajual éta karya (salila angger nuturkeun aturan lisénsina).
Anu kaci dimuat di Commons
Anjeun bisa muat karya anu dijieun sagemblengna ku anjeun. Ieu ngawengku poto jeung vidéo:
lansekap alami, sasatoan, tutuwuhan
inohong jeung poto jalma di tempat umum (di sababaraha nagara butuh widi ti anu dipoto)
obyék anu mangpaat atawa non-artistik
Anjeun ogé bisa muat grafik, peta, diagram, jeung audio orisinil.
Anu henteu kaci dimuat di Commons
Commons henteu bisa nampa karya jieunan batur atawa anu sumberna jieunan batur - kaasup potona. Bakuna, anjeun henteu bisa muat karya batur, di antarana:
lambang
sampul CD/DVD
poto promosi
skrinsot pintonan TV, pilem, DVD, jeung sopwér
gambar karakter tina komik, TV, atawa pilem - najan digambar ku anjeun sorangan
kalolobaan gambar ti Internét
poto anjeun anu dicokot ku batur (hak cipta dicepeng ku anu moto, iwal anu sipatna resmi)
Najan kitu, aya sababaraha iwalna
Anjeun bisa muat karya batur lamun anu bogana ngawidian ka sing saha waé pikeun maké, nyalin, ngarobah, sarta ngajual éta karya - ku cara ngaleupaskeun maké lisénsi bébas. (Anjeun kudu nyadiakeun tutumbu ka sumberna anu nétélakeun lisénsina.)
Anjeun bisa muat karya batur lamun aya dina domain umum/publik (ilaharna karya kuno).
Anjeun bisa muat poto karya anu di domain umum, kayaning gedong baheula, patung, jeung karya seni.