Commons:Bagéa

From Wikimedia Commons, the free media repository
(Redirected from Commons:Bagéa)
Jump to navigation Jump to search
This page is a translated version of a page Commons:Welcome and the translation is 72% complete. Changes to the translation template, respectively the source language can be submitted through Commons:Welcome and have to be approved by a translation administrator.
Outdated translations are marked like this.

Naon ari Wikimedia Commons téh?

Wikimedia Commons téh gudang média nu diciptakeun sarta dikokolakeun lain ku seniman bayaran, éstu sacara sukaréla. Ngaran "Wikimedia Commons" ieu diturunkeun tina "Wikimédia" nu mayungan sarta ngokolakeun kabéh proyék Wikimédia sarta kecap "commons" dumasar kana eusina nu dibagi kana rupa-rupa vérsi basa sarta rupa-rupa proyék Wikimédia. Ku kituna, ieu téh mangrupa gudang pikeun poto, diagram, animasi, lagu, téks nu diomongkeun, klip vidéo, sarta sadaya média nu bébas lisénsi nu mangpaat pikeun proyék-proyék Wikimédia.

Wikimedia Commons migunakeun téhnologi wiki nu sarua jeung Wikipédia, sahingga sing saha waé bisa ngédit langsung dina panyungsi ramat sacara langsung. Teu kawas koropak média nu dimuat dina proyék séjén, média nu dimuatkeun ka Wikimedia Commons mah bisa disambungkeun kana kaca-kaca kabéh proyék Wikimédia tanpa kudu dimuat sacara misah.

Ti saprak medal tanggal 7 Séptémber 2004, Wikimedia Commons nincak koropak média nu ka-100.000 dina 24 Méi 2005, sedengkeun kiwari ngandung 104.422.643 koropak sarta $2 koléksi (angka dina notasi Anglo-Saxon). Pikeun leuwih jéntré ngeunaan proyék Wikimedia Commons bisa dibaca dina Commons:General disclaimer|Bantahan umum]], di Kaca Wikipédia ngeunaan Wikimedia Commons, sarta kacana dina Meta-wiki.

Teu kawas gudang média tradisional, Wikimedia Commons mah haratis. Sing saha waé bisa nyalin, maké, atawa ngarobah koropak nu aya dina ieu proyék kalawan bébas, asal sumber sarta nu nyieunna disebutkeun sarta anjeun kudu medalkeun tironan ieu kalawan kabébasan nu sarua pikeun batur. Basis data Wikimedia Commons sarta téks nu aya di jerona dilisénsikeun dina Lisénsi Dokumén Bébas GNU. Kondisi lisénsi unggal koropak média bisa ditempo dina kaca dadaranana. Leuwih lengkep ngeunaan cara maké...

Ilubiung

Anjeun bisa ngaronjatkeun Wikimedia Commons luyu jeung pangabisa anjeun:

Nyumbangkeun karya

Mun anjeun potografer, mugia teu asa-asa nyumbangkeun karya-karya anjeun ka dieu. Mun anjeun desainer, pék pikanyaho animasi atawa diagram naon nu dipikabutuh. Mun anjeun musisi atawa seniman film/téater, pék publikasikeun rékaman anjeun nu haratis di dieu.

Nyumbangkeun pangabisa

Lamun teu boga atawa teu daék nyumbangkeun karya anjeun pribadi, pék coba hancaeun nu séjénna:

Nyumbangkeun waktu

Nu ilubiung dina ieu proyék mah teu kudu seniman atawa jago nulis. Mun anjeun resep bébérés, sok atuh bantuan!

Tour

Daptar

Sangkan bisa ngamuatkeun koropak ka Wikimedia Commons, anjeun kudu asup log. Anjeun bisa daptar dina tumbu "Asup log/nyieun rekening" di punclut katuhu lajeng asupkeun ngaran pamaké nu rék dipaké dina sakabéh téks éditan atawa gambar muatan anjeun. Najan kitu, pikeun ngédit téksna mah anjeun teu kudu asup log (tapi hadéna mah asup log).

Tutorial awal

Pikeun mitambeyan, sigana koropak pitulung hambalan kahiji jeung NLD bisa mantuan anjeun sanggeus daptar. Nu didadarkeun di antarana cara nyaragamkeun antarbeungeut (misalna basana), cara ngamuatkeun koropak, jeung kawijakan lisénsi dasar. Pikeun ilubiung di ieu proyék, Anjeun teu kudu boga kabisa téhnis. Ieu téh wiki - céték ondé!.

Émbaran nu leuwih lengkep aya di Panglawungan. Anjeun bisa tatanya di Kongrés atawa ngaliwatan kanal IRC #wikimedia-commons webchat.

Koropak dina Wikimedia Commons disusun kana kategori jeung galeri. Gambaran umumna mah tiasa ditingal di Tepas.

Put Babel boxes on your user page so others know what languages you can speak and indicate your graphic abilities. All your uploads are stored in your personal gallery. Please sign your name on Talk pages by typing ~~~~. If you're copying files from another project, be sure to use the FileImporter.

Layanan jeung software lianna

Mun karasa hésé kénéh, anjeun bisa migunakeun Layanan muat koropak sahingga nu séjén bisa mantuan ngamuatkeun koropak-koropak anjeun. Mun rék ngamuatkeun koropak anu jumlahna loba ku sorangan, pék cobaan program Commonis. Pikeun émbaran nu leuwih jéntré ngeunaan muka atawa ngédit eusi ieu loka, pék buka kaca software.

Ku kitu ku kieu, wilujeng sukan-sukan di Wikimedia Commons.

Wikamus
Kamus jeung tésaurus
Wikipustaka
Pustaka jeung manual
Wikiquote
Kumpulan cutatan
Wikisource
Dokumén rujukan
Wikispésiés
Diréktori spésiés
Wikinews
Sumber warta
Wikipédia
Énsiklopédi
Meta-Wiki
Koordinasi proyék Wikimédia